Recents in Beach

header ads

MENGENAL SYEKH MANSHUR CIKADUEUN


Syech Maulana Mansyurudin kasohor nami Abu Nashr, Abdul Qohar, sareng Sultan
Haji, anjeuna putra Sultan Agung Tirtayasa Abdul Fattah.
Ceuk sakaol nalika taun 1651 M, Sultan Ageng Tirtayasa (Abdul Fattah) liren tina
kasultanan, dipasrahkeun ka putrana nyaeta Maulana Mansurudin Sultan katujuh
Banten, kinten-kinten 2 taun janten Sultan teras angkat ka Mekah. Kasultanan
dipasrahkeun ka putrana nyaeta Sultan Abdul Fadli, nalika angkat ka Mekah Syech
Maulana Mansur dipasihan wasiat ku ramana nyaeta upami angkat ka Mekkah ulah
mampir ka tempat sejen kedah langsung ka Mekkah lajeng ti Mekkah kedah langsung
ka Banten.

Dina sajeroning lalampahan ka Mekkah Syech Mansur hilap ka wasiat sepuhna
anjeuna singgah heula ka pulau Majeki, di dieu anjeuna nikah sareng ratu jin
gaduh putra hiji.

Salami Maulana Mansyur di pulau Majeki, Sultan Adipati Ishaq di banten kena
rayuan Walanda nu antukna anjeuna janten diangkat sultan ku Walanda. Nanging
sultan Abdul Fattah teu nyatujuan kedah ngantosan Maulana Mansyur, lajeng aya
kakacauan nu ahirna dongkap kapal anu ngaku Maulana Mansyur sarta nyandak
barang-barang ti Mekkah, dongkapna Sultan palsu ti Palabuhan Banten ka Surosowan
karaton Banten tetep ngangken Sultan Haji Abu Nashri nu ahirna jalmi-jalmi
percanten, mung Sultan Ageng nu teu percanten, padahal Sultan palsu the Raja
Pendeta turunan Jin ti pulo Majeki. Sultan Agen dipikahewa ku sarerea, lajeng
aya peperangan antawis Sultan Ageng sareng Sultan Haji palsu, nu ngabela Sultan
Ageng nyaeta Tubagus Buang. Salajengna kabar ayana perang ka Maulana Mansyur nu
aya di pulo Majeki yen aya perang ageing di Banten lajeng anjeuna emut kana
wasiat sepuhna nu tos dilanggar, anjeuna angkat ti pulo Majeki ka Mekkah
nyuhunkeun dihampura tina sagala dosa di Baitullah.

Saparantos kitu rupina tobat ti anjeuna ditampi ku Gusti Allah SWT sarta
dipasihan sababaraha elmu panemu sareng karomah. Anjeuna emut ka Banten sareng
izin ti Allah SWT anjeuna neuleum di sumur zam-zam lajeng muncul di Cibulakan,
Cimanuk bari nyandak kitab suci Al Qur'an dipanangana lajeng eta Qur'an janten
batu nu aya tulisan Qur'an eta tempat ayeuna katelahna "Batu Qur'an" nu
dikurilingan ku cai.

Sadongkapna ka kampung Cikoromoy teras nikah ka Nyai Sarinten gaduh putra namina
Muhammad Sholih jujulukna Kyai Abu Sholih, salami di Cikoromoy anjeuna
ngajarkeun syareat Islam. Nyai Sarinten pupus teras dimakamkeun di Pasarean
Cikarayu Cimanuk. Syech Maulana Mansyur pindah ka Cikadueun bari nyandak khadam
Ki Jemah teras nikah ka Ratu Jamilah ti Caringin Labuan. Dina hjiji waktos Syech
Maulana Mansyur ngadangu soanten meong heras pisan, barang ditingali sihoreng
eta meong dijapit ku kima, eta meong meredih menta tulung ka Syech Mansyur
sangkan ditulungan, kumargi Syech Mansyur wali sareng ngartos kana basa sato
sapada harita eta meong tiasa dilepaskeun tina kima. Saparantos kitu eta meong
dibeat ku Syech Mansyur nu eusina kieu "Maneh meong ulah ngaganggu ka sakur anak turunan kami", eta meong dikalungan surat Yasin dibehengna dipasihan nami si Pincang atanapi Raden Langlang Buana, Ki Buyut Kalam. Eta Meong janten rajana meong di 6 tempat nyaeta Ujung Kulon ratuna Ki Maha Dewa, Gunung Inten ratuna Ki Bima Laksana, Pakuwon Lumajang ratuna Raden Singa baruang, Majau ratuna Raden putrid, Manitung Nyayat nu sirahna dicalikan ku Si Pincang. Syech Maulana
Mansyur pupus di Cikadueun, Pandeglang, Banten sarta dimakamkeun diditu taun
1672 M.


MOGA BERMANFAAT
MEUNANG NYANDAK TI KOBONG : http://goermunsorif.blogspot.com